Ki Sunda di Tatar Sunda (Sunda)

B u b u k a

 

Dina tulisan ieu rék diterangkeun, data jeung lokika nu geus kapanggih, pikeun ngaguluyurkeun jalan pikiran nu maca, perjalanan sajarah atawa riwayat Ki Sunda, ti jaman bihari, terus ka jaman kamari, ditutup ku jaman kiwari jeung sawangan kahareup.

 

Pari basa sok nyebut Ki Sunda, nu saharti jeung aki Sunda. Ari jalma nu kaasup aki mah nya éta jalma nu geus legok tapak genténg kadék. Hartina geus pinuh panemuna, loba pangalana, malah aya anu geus nepi kana sadurung winara, hartina geus maca kajero-jerona, anu teu kahontal ku jalma biasa. Aya istilah nu nyusun tingkatan kaweruh jalma nya éta wong, siwong wastu-siwong. Wong mah tingkat jalma nu kudu dipapatahan kénéh, pangpangna ngeunaan kapamalian. Siwong mah tingkat jalma nu geus teu perlu dipapatahan da geus hideng, geus nyaho tur ngarti di pamali. Ari wastu-siwong mah tingkat jalma nu geus bisa atawa biasa mapatahan.

 

Jadi nu disebut Ki Sunda téh pikeun urang mah lain ngudag jalmana, tapi ngudak tapak lacakna. Naon nu ditinggalkeun keur nu harirup. Titinggal nu geus kaguar, diantarana : anu patali jeung panaggalan; perkara karawitan, aksara Sunda, basa Sunda, wawasan Ki Sunda dina rupa-rupa widang kahirupan. Perkara ieu dihandap bakal jadi bahan bahasan.

 

Ngeunaan sajarah atawa riwayat Sunda, rék dimimitian ti jaman nu teu kahontal ku ahli sajarah resmi, sabab panganut sajarah resmi mah loba sengkerannana. Nu kaasup kana sajarah téh data anu tertulis wungkul, ari sajarah aksara nu dipaké nulis mah teu kaasup kana sajarah. Kolénjér mah teu dianggap tulisan, da ukur tanda-tanda wungkul. Komo hal basa mah teu ditarima jadi sajarah. Padahal nu diomongkeun téh kabéh ogé maké basa.

 

Tah dina tulisan ieu mah sengkeran nu karitu téh teu digugu. Kumaha bisana jalma tulas-tulis mun teu nyieun aksara jeung alat tulisna. Jalma rék nuliskeun naon lamun can aya basana. Jadi saméméh jalma mikir-mikir kana nulis téh tangtuna ogé kudu geus barisa ngaromong heula. Malah geus aya tata-basa sagala, pikeun nartibkeun ayana basa. Jadi naon salahna mun nuliskeun perkara sajarah dimimitian tinu kararitu.

 

Pikeun Ki Sunda mah, data-data ieu téh geus nyampak. Titinggal Ki Sunda nu utama tur abadi nya éta : Tatar Sunda, Budaya Sunda, Basa Sunda, Aksara Sunda, Karawitan Sunda, Pananggalan Sunda jeung Sajarah Sunda.

 

Pikeun bubuka mah dicukupkeun sakieu waé

 

Bandung, 23 Mei 2000

 

Ali Sastraamidjaja.

 

E u s i

 

Tatar Sunda,

 

Sajarah Sunda,

 

Basa Sunda,

 

Karawitan Sunda,

 

Aksara Sunda,

 

Pananggalan Sunda,

 

Budaya Sunda.

 

T a t a r    S u n d a

 

Ku kiwari mah, nerangkeun Tatar Sunda téh babari, da geus aya nu disebut peta. Mémang ari saenyana mah peta kiwari jeung peta bihari téh teu sarua, tapi tibatan nerangkeun teu puguh mah mending ku peta nu aya baé.

 

Baheula mah jalma téh saeutik kénéh. Jadi nu disebut nagara téh ngan diwatesan ku laut, wahangan gedé jeung leuweung gerot nu tara kasorang ku jalma. Ayana wates nagara di urang kawas kiwari mah, mimitina ti jaman urang Éropa ngajajah nagara-nagara Asia jeung Afrika. Nagara urang dijajah ku Walanda, diaranan Oost Indie (Hindia Timur), atawa Nederlands Indie (Hindia Belanda). Tapi saméméh diaranan kitu, basa urang Portugis mimiti ngalalana di wilayah urang, manéhnya nyatetkeun ngaran tempat-tempat nu didatangan ku inyana. Dina catetan éta pulo-pulo nu didatangan tur ditanya téh ngajawabna Sunda. Nya ku urang Portugis nu nyatetkeun hal éta, kapuloan ieu kabéh téh disebut Kapuloan Sunda. Lantaran pulo-pulo nu aya di lebah kulon mah pulona galedé, disebut Kapuloan Sunda Gedé. Ari pulo-pulo nu di lebah wétan mah laleutik, nya disebut Kapuloan Sunda Leutik. Tangtuna ogé ngaran-ngaran éta téh dina basa Portugis. Ku urang Walanda ditarjamahkeun kana basa Walanda jadi Sunda Eilanden (kalupoan Sunda), nu diwangun ku Grote Sunda Eilanden jeung Kleine Sunda Eilanden.

 

Sunda Eilanden atawa Kapuloan Sunda ieu téh nya éta anu terusna boga ngaran Oost Indie (Hindia Timur), atawa Nederlands Indie (Hindia Belanda). Tapi ari ku ilmuwan Jerman mah dibéré ngaran Indo-nésos (Indo = Hindia, nésos = nusa, kapuloan, banua). Tina ngaran ieu jadi Indonésia.

 

Nu heureuy mah aya nu nulis indonesia ku pégon, jadi dibalikeun macana [ aiSeNoDni ], tina aksara ieu dibaca biasa ku cara latin [ieu SuNDa na]. Jadi maksudna mah Indonesia téh Sunda-Sunda kénéh.

 

Katerangan dina sajarah, nya éta waktu raja Tarumanaga diganti ku Sri Maharaja Tarusbawa Dharmawaskita Manunggaljaya Sunda Sambawa, nagara anu ngaran tadina Tarumanagara diganti jadi nagara Sunda. Kajadieun ieu téh tepatna dina poé Radite Pon (Ahad Pon), tanggal 09 suklapaksa, bulan Yésta (bulan ka 8), taun 591 Caka Sunda. Tanggal ieu téh sarua jeung tanggal 31 Oktober 695 Masehi Julian.

 

Jadi tanah anu bener-bener dicicingan ku urang Sunda mah, nu biasa disebut Tatar Sunda nya éta nu kiwari disebut Jawa Barat. Tapi basa Islam asup ka Tatar Sunda ieu, maranéhna ngarebut Cirebon, Banten jeung Sundakalapa (Jakarta kiwari) pikeun diislamkeun jadi bawahan karajaan Islam Demak. Sanggeus dijajah ku Walanda, (Nederlands Indie ti taun 1800 M, lain keur jaman V.O.C.) Tatar Sunda téh jadi provintie West Java (propinsi Jawa Barat atawa propinsi Jawa Kulon), nu diwangun ku 5 karesidénan : Banten, Buitenzorg (Bogor), Batavia, Cirebon, Priangan.

 

Karesidénan Banten diwangun ku Kabupatén Sérang, Pandéglang jeung Lebak. Karesidénan Buitenzorg (Bogor) diwangun ku Kabupatén Buitenzorg (Bogor), Sukabumi jeung Cianjur. Karesidénan Batavia diwangun ku Kabupatén Tangerang, Batavia, Bekasi, Karawang, Purwakarta jeung Subang. Batavia mangrupa ibukota nagara. Karesidénan Cirebon diwangun ku Kabupatén Indramayu, Cirebon, Kuningan jeung Majalengka. Karesidénan Priangan diwangun ku Kabupatén Bandung, Sumedang, Garut, Tasik jeung Ciamis. Bandung aya Kabupatén jeung aya Gemeente. Jaman Jepang disebut Bandungsi.

 

Dina jaman peralihan, nya éta jaman RIS (Républik Indonésia Serikat), Tatar Sunda téh ngaranna Nagara Pasundan. Sanggeus RIS bubar, balik deui kana ngaran Jawa Barat nu sok disingket jadi Jabar.

 

Sanggeus Indonésia merdika, Batavia diganti jadi Jakarta tur dijadikeun DCI (Daerah Chusus Ibukota) nu jadi propinsi mandiri. Jadi ti harita aya perobahan. Karesidénan dieuweuhkeun, tinggal Kabupatén jeung Kotapraja. Kotapraja diganti jadi Kotamadya. Propinsi disebut DT-I (Daérah Tingkat I), Kabupatén jeung Kotamadya disebut DT-II (Daérah Tingkat II), Kacamatan disebut DT-III (Daérah Tingkat III), ti dinya terus ka Désa atawa Kalurahan. Lamun rék maké istilah DT jadi DT-IV. Terus ka RW (Rukun Warga), jadi DT-V. Ditutup ku RT (Rukun Tatangga), jadi DT-VI. Pusat jadi DT-0. Jadi jumlah tingkatan daérah téh aya 7, ti 0 nepi ka 6.

 

Ari jaman baheula mah, jalma nu pindah tempat ti tempat asalna disebut ngababakan. Malah istilah ngababakan téh ditambahan ku ngaran tempat asalna, upamana Babakan Ciamis nu aya di Kota Bandung, hartina urang Ciamis nu ngababakan di Bandung. Ngababakan téh hartina cicing pikeun sawatara waktu. Ari mimitina mah kecap ngababakan téh pikeun nu tatanén di tempat nu rada jauh, nepi ka kudu mondok. Jadi disebut ngababakan téh waktu ngagarap tanah nepi ka melakan terus ngoyos. Tidinya anu tarani téh baralik deui ka lembur-lemburna, pikeun ngababakan deui engké dina waktuna panén nepi ka ngakut hasil tanén ka leuit jeung ka lembur.

 

Lamun nu henteu ngababakan mah hartina pindah tempat, pindah tampian. Upamana lantaran geus teu sanak teu baraya deui di lembur asalna. Komo nu boga pamajikan atawa salaki ti tempat séjén, loba nu parindah tempat, boh milu ka tempat salakina atawa milu ka tempat pamajikannana, saterusna jadi urang dinya. Tapi najan pindah tempat ogé, tetep urang Sunda kénéh pikeun urang Sunda mah, Kitu deui pikeun urang lian, tetep jadi urang asalna. Nya ahirna lahir istilah pribumi, non-pribumi nu sok disingket jadi non-pri, jeung urang asing. Kecap ieu téh mimiti dipaké dina jaman Walanda, pribumi disebut inlander, non-pri disebut vreemde oosten, urang asing disebut vreemdelingen. Vreemde oosten maksudna urang Cina, India, Arab, Jepang, jst. Vreemdelingen mah maksudna ka urang Éropa. Ku ayana pamisahan kieu téh jadi aya tilu tingkat atawa kelas. Pikeun urang Éropa jeung urang Jepang digolongkeun ka tingkat pangluhurna atawa kelas 1. Pikeun nu kaasup ka Vreemde oosten, digolongkeun ka tingkat tengah atawa kelas 2. Ari inlander mah tingkat panghandapna atawa kelas 3. Vreemde oosten jadi penghubung antara kelas 1 jeung kelas 3. Nu matak pribumi masing geus hirup di nagara merdika ogé tetep ditempat kelas 3. Anu jadi kelas 1-na nya éta para gegedén nu sikepna gumedé, ti jaman Sukarna nepi ka jaman Habibi. Sanggeus pindah ka jaman Gus Dur mimiti karasa aya perobahan, sabab kadaulatan geus pindah ka rahayat deui. Ayeuna keur diperjuangkeun robahna pamaréntahan bernegara. Keur néangan bentuk anyar nu leuwih merenah.

 

S  a  j  a  r  a  h      S  u  n  d  a

 

Sajarah bisa dibagi jadi pra-sajarah, sajarah bihari atawa sajarah dihin, sajarah kamari jeung sajarah kiwari. Ari pra-sajarah mah hartina téh kajadian nu teu kahontal ku sajarah. Ari sajarah bihari atawa sajarah dihin mah nya éta sajarah nu pangheubeulna tapi kahontal kénéh ku sajarah. Ari sajarah kamari mah nya éta nu nyaritakeun jaman dikawasa ku deungeun. Ari sajarah kiwari mah nya éta jaman sanggeus repolusi, nagara urang jadi mardika. Di handap ieu rék ngaguar hiji-hijina sajarah nu bieu.

 

P r a – s a j a r a h      S u n d a

 

Ari pra-sajarah mah hartina téh kajadian nu teu kahontal ku sajarah. Jadi teu bisa nyaritakeun caritana kajadian sajarahna lantaran geus teu kahontal téa. Tapi lantaran aya bukti titinggalna boh anu aya wujudna boh anu euweuh wujudna. Anu aya wujudna upamana ‘lingga’, ‘guha nu lain alam’. Anu euweuh wujudna saperti ‘basa’, ‘lagu’.

 

Baheula mah nganggap kana lingga téh pikeun pujaeun dina upacara kaagamaan, disebut pikeun lingga téh nya éta purusa. Ari harti purusa nya éta parabot lalaki. Teuing kumaha nyieun carita wadulna (dramatisasina), nepi ka jadi upacara husus nu patali jeung lalaki. Ari lalaki mah muhit hayang jadi jago ka awéwé. Ari awéwé mah muhit hayang boga salaki. Meureun ku pédah keyeng, nya aya ogé anu kaparengkeun.

 

Saenyana jalma nyieun lingga téh, nya éta nangtungkeun tur nancebkeun pageuh kana lemah téh, rék dipaké ngukur kalangkang matapoé. Ari saméméhna mah ngan ku nancebkeun kai wungkul. Tapi tétéla dibutuhkeun alu leuwih tahan cuaca, sabab digunakeunnana rebuan tauneun. Ari tina kai mah paling ngan nepi ka ratus taun. Nu matak dijieun tina batu hirup, nya éta batu anu teuas tur padet. Dijieunna buleud panjang. Laju ditancebkeun pageuh rosa, sabab dina ukuran rebu taun teu meunang robah saeutik-eutik acan. Lamun nepi ka robah, pasti kalangkangna ogé jadi robah.

 

Bisi aya jalma nu teu nyahoeun yén éta téh lingga, nya pikeun kaamanan dikaramatkeun, sabab bisi dipaké nyangcang munding. Ku dikaramatkeun kitu mah euweuh anu wani ngarampa-rampa acan. Ari ku anu nyieunna mah tetep dipaké ngukur kalangkang. Tapi ku awam mah diparuja, diparuhit, bari disasajénan tur dikukusan. Jurig nu ngakan sasajén mah pastina ogé nu boga hadas nyieun lingga, da keur maranéhna mah teu karamat teu sing. Malah nu jadi panditana ogé arinyana kénéh.

 

Tujuan ngadegkeun lingga téh nya éta pikeun ngukur kalangkang matapoé, dina wanci tangangé. nu diukurna téh panjangna kalangkang jeung ngujurna kalangkang. Nya bisa dibayangkeun, milampah pagawéan ngukur kalangkang kitu dina jero rebuan taun, sakumana pitanggeleunnana, jaba pasti loba nu ompongna da rajeun kaiyuhan ku méga, atawa hujan, pan ninggang di euweuh kalangkangan. Tapi ari itungan poé mah teu orot ku kitu, tetep baé kudu diitung sapoé, masing bri euweuh kalangkang ogé.

 

P a n a n g g a l a n     S u n d a

Ladang tina gawé kitu téh nu kiwari dipaké kénéh nya éta katetepan yén waktu anu lilana 365 poé téh diaranan hiji taun atawa sataun. Nya harita jalma mimiti engeuh yén ayana hubungan antara bumi jeung matapoé téh nurutkeun aturan hukum alam anu baku. Dina jero sataun éta téh, munculna purnama 12 kali. Ari lilana ti bulan purnama ka bulan purnama deui 29 atawa 30 poé. Jadi hubungan bumi jeung bulan ogé tunduk kana aturan hukum alam anu baku.

 

Ngulik tur nalungtik perkara iieu téh teu eureun-eureun dina jero rebuan taun, nepi ka aturan hukum alam ngeunaan hubungan matapoé jeung bumi tur hubungan bumi jeung bulan, ku Ki Sunda dirumuskeun jadi aturan pananggalan. Aturan pananggalan ieu terusna ditarurutan ku deungeun-deungeun, maké cara séwang-séwangan. ngeunaan panaggalan mah bakal diguar dina bab pananggalan dihandap ieu.

 

Ayeuna urang ngaguar guha nu lain alam atawa guha alam nu ditambahan ku réka jalma. Jaman jalma teu jauh ti sato, caricingna téh di guha, sabab karasa aman, boh tina sato galak boh tina hujan, panas jeung angin. Ari guha alam murni mah bentukna kumaha ceuk alam, tapi guha nu dipaké padumukan jalma mah loba nu diréka, diluyukeun kana kabutuh jalma nu makéna. Jaman harita mah cara hitup jalma jeung sato téh teu béda jauh, malah sili boro, sili hakan kénéh.

 

Laju jalma bisa ngagunakeun alat, saperti batu keur nénggor jeung keur meupeuh, kai sapotong keur neunggeul. Terus aya kamajuan, kai téh bisa dipaké nojos, malah terusna mah dijadikeun tumbak, nya éta nojosna ku dialungkeun. Tidinya maju deui dijieun panah jeung dondéwana. Jadi bisa ti jarak anu leuwih jauh, jeung mawa panahna bisa loba. Ari tina batu mimitina mah dipeupeuskeun sina seukeut, tapi sanggeus kapaham mah batu téh diasah sina seukeut téh. Saterusna batu téh dibentuk ku diasah, jadi rupana alus bari seukeutna bisa dipiara, da bisa diasah disina seukeut salawasna.

 

Beuki lila budaya jalma téh beuki ngagunakeun akal. Ku dibiasakeun ngagunakeun akal, jadi kapinteran jalma téh bisa ngunggulan sato. Tungtungna jalma téh jadi nu pangkawasana di darat mah, tapi ari dilaut mah can kasorang. Tapi lilalila mah jalma ogé wanoh kana lautan. terus nyieun parahu. beuki lila beuki gedé. Jadi balayarna ogé bisa leuwih lila jeung bisa leuwih jauh. Nya lantaran karuhun Ki Sunda mah hirup di kapuloan, wajar lamun pangheulana wanoh ka lautan, dibandingkeun ka jalma nu hirup di banua, nu jauh ti lautan. Ku kituna, jalma nu mimiti ngambah lautan téh nya karuhun Ki Sunda. Ari ambahannana ka kulon nepi ka Afrika wétan, ka wétanna nepi ka Amerika kulon. Pikeun bukti ambahan ieu, bisa dicukcruk tina basa jeung tata-basa di wilayah anu disebut polinésia.

 

B a s a     S u n d a

Jadi ku analisa ieu, lain basa Sunda tina basa Sangsekerta, tapi sabalikna, basa Sunda téh indungna basa, nu ku ahli basa disebut ‘Proto-Sundic’. Proto-Sundic téh anakan jadi :  basa Malayu, basa Sangsekerta, basa Kawi jeung iheung nu lianna mah. Basa-basa ieu aranakan deui jadi basa Indonesia, basa Jawa jeung iheung deui nu lianna mah. Ari basa téh aya dua rupa, aya basa-baku jeung aya basa-pasar. Ari basa-baku mah dumasar kana tata-basa anu baku, jadi kudu puguh nurut kana aturannana. Ari basa-pasar mah ngutamakeun asal kaharti dipaké ngawangkong baé, rada salah ngagunakeun aturan atawa milih kecap mah loba hampurana. Ayeuna basa Indonesia dijadikeun basa resmi. Tapi lantaran tadina tina basa pasar, jadi dina netepkeun tata-basana rada pabeulit, da teu engeuheun yén ayana tata-basa mah dina basa Sunda (Proto-Sundic téa.)

 

Lantaran urang Jawa ngaku-ngaku pribumi asli tur leuwih kolot ti Sunda, kapaksa di dieu dibukakeun data nu sabenerna. Dina jaman karajaan Sunda, abad ka VII ahir, anu jadi panguasa lautan nya éta nu ngaranna Sanjaya. Kabéh bajo (bajag laut), nu lolobana urang Cina, diancurkeun ku Sanjaya, lain dilautan wungkul tapi nepi ka palabuhannana nu jadi pangkalan jeung panyumputan para bajo. Lantaran salawasna éléh ku Sanjaya, nya lautan téh jadi aman. Tapi sanggeus Sanjaya wapat, di Mataram (di Jawa tengah kiwari), urang Cina téh mawa wangsa Saléndra nu disumputkeun di Palémbang ka Mataram. Ku loba-lobana nu datang ti laut, katambah di Mataram keur dina kapapaitan, tungtungna kabéh kalabur ka wétan, maké jalan darat (leuweung). Ti harita wangsa Saléndra, anu ngadunungan ka urang Cina, jadi urang ‘Jawa-tengah’ ku cara ngalindih karajaan Mataram. Jadi anu disebut urang Jawa tengah téh saenyana mah urang Saléndra. Nya dina jaman harita diaradegkeunnana candi-candi téh. Dina gambarna (reliefna) jelas némbongkeun urang Indiana té. Ngan lantaran hayang jadi pribumi ‘asli’, dibélaan ganti adat, ganti basa, nurutan tata cara urang Sunda, tapi lain ku cara sakola, nu matak pantes mun loba nu pasaliana. Ciri yén urang Jawa tengah lain urang dieu asli, bisa dicirikeun tina ngawangun imah. Lamun urang tropis mah imahna téh pasti imah panggung. Ari imah urang Jawa tengah mah mupuk. Jadi tangtuna ogé lain ti daérah tropis, Jelasna mah urang daérah sub-tropis alias ti daérah India anu éléh perang, laju ku urang Cina dibawa tur disumputkeun di Palémbang, pikeun ngusir kakawasaan Sanjaya. Jadi ku sajarah ieu mah kaharti lamun urang Jawa tengah anu diluluguan ku Cina hayang nalukkeun Sunda. Tapi teu hasil baé. Kakara dina jaman Orde-Baru  Suharto, Cina makaya ngajawara téh ngawujud. Tapi da ngan nepi ka saumur Orde-Baru. Orde-Baru runtuh mah Cina ogé milu runtuh, – wong Cino pada lungo – ceuk carita ramalan mah. Ngeunaan ieu mah ditutup sakieu waé.

 

K a r a w i t a n    S u n d a

Ayeuna urang teruskeun kana ngaguar perkara karawitan. Hal ieu ogé teuing kumaha mimitina, ngan anu puguh mah Ki Sunda téh ninggalan anu disebut laras atawa surupan, patet, pupuh wirahma jeung waditra nu mangpirang-pirang. Pasti ari mimitina mah basajan, tapi lantaran maké polo, jadi hasilna ogé teu sambarangan, tapi aya aturan anu dijadikeun patokan. Patokan laras ataw surupan dumasar kana 5 nada. Nada-nada ieu diaranan Tugu, Singgul, Galimer, Panelu jeung Kenong. Ngaran ieu saenyana mah rupa-rupa, upamana aya nu nyebut Barang, Singgul, Bem, Panelu, Lorloran, jst.

 

Anu ngulik kana karawitan téh nya éta Pa Mahyar. Nya lahir nu disebut rakitan. Aya rakitan 9 nada, rakitan 10 nada, rakitan 12 nada, rakitan 15 nada, rakitan 17 nada. Malah sanggeus ditalungtik kadieunakeun mah ku ayana nu disebut embat, akibatna kana rakitan jadi beuki loba, sabab udagannana ngeunah kareungeuna, lain rakitannana.

 

Ari nu disebut rakitan téh nya éta lobana nada dina jero sagemyang (1 oktav dina musik).

Supaya jelas kapaksa diterangkeun rakitan ieu maké gambar atawa tabél

 

Rakitan 10 nada, dina sagemyang diwangun ku 10 nada, tapi anu disorakeun mah tetep ngan 5 nada

1 2 3 4 5 6 7 8 9 10
T S G P K

 

atawa

1 2 3 4 5 6 7 8 9 10
T S G P K

 

Susunan dina gambar ieu disebut laras Saléndro

Lamun gambar ieu dipanjangan, jadi nadana balik deui ka anu asal, tapi sorana béda sagemyang, saperti kieu :

1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 1
T S G P K T

 

Lamun susunan nada anu lima dirobah, larasna jadi béda, nya lahir nu disebut laras Degung, jeung laras Madenda

 

Susunan nada Laras Degung dina rakitan 10 nada.

1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 1
T S G P K T

 

Susunan nada Laras Madenda dina rakitan 10 nada.

1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 1
T S G P K T

 

Susunan nada-nada ieu téh dilarapkeun dina Saron laras Saléndro mah kieu :

S G P K T S

 

B u d a y a     S u n d a

 

Nu disebut budaya téh mimitina tina jeroan manusa, laju dibungkeuleukkeun dina wangun anu dianggap pangmerenahna kana kereteg haté éta. Aya budaya anu dibungkeuleukkeun kana deudeuleuan, lantaran aya patalina jeung panon. Aya budaya nu dibungkeuleukkeun kana dédéngéan, lantaran aya patalina jeung ceuli, jeung saterusna nu diluyukeun kana indra lianna jeung gabungan tina indra-indra nu mangaruhan kana ayana atawa diayakeunnana bungkeuleuk nu diayakeun atawa dijieun.

 

Pikeun jalma nu ngarti mah, wangun-wangun naon baé ogé tetep kaharti. Tapi pikeun anu teu ngarti mah ngan pipilueun atawa tuturut munding. Pikeun nu pandeuri, kaasup kana jalma panganut dogma, nya éta jalma peupeuleukeuk, asa aing nu pangbenerna. Padahal jelas-jelas kaasup ka jalma anu hanteu ngarti. Pikeun nu cang ngari, lamun hayang ngari, kudu ngécagkeun dogmana, diganti ku nyukcruk élmu pikeun jadi panemu kana harti anu sabenerna. Jadi bener téh ulah ceuk béja tapi kudu ceuk pangarti diri.

 

Dina nerangkeun masalah budaya, aya tingkatannana saperti tingkatan sakola, aya tingkat SD, Lanjutan, Universitas. Aya ogé anu geus weruh sadurung winara. Pikeun nu pandeuri bieu, tulisan kieu téh teu perlu, da geus leuwih ti kieu. Pikeun tingkat SD, biasana mangrupa dongéng. Dongéng ieu ogé tingkat mana nu nyieunna. Lamun ku anu sadurung winara mah dongéng keur budak téh, ogé mapatahan kolot, saperti dongéng ‘Si Kabayan ngala tutut’. Dongéng éta téh ceuk saliwat mah dongéng keur barudak, tapi mun diudag eusina, kolot ogé loba kénéh nu teu ngarti.

 

Dongéng éta téh saenyana mah nyindiran ka kolot nu teu koloteun. Ngagugu kana siga bari teu éling kana enya. Tah jalma nu ngagugu kana dogma téh nya éta jalma nu ngagugu kana anu ku dirina teu kaharti, dianggap bener kana sugan, nganggap bener kana iheung. Padahal lamun bener diukurna ku pamali mah, puguh juntrungna, lain sugan lain iheung. Sabab ukuran pamali mah ukuran pangarti diri. Beuki jero beuki ngarti, beuki ngajauhan ti ngalampah pamali. Malah jadi pananyaan nu réa.

 

Dongéng lianna nu saperti kitu upamana ‘dongéng nu lalolong sina ngarampa gajah’. Barang maranéhna nerangkeun gajah siga kumaha atawa siga naon, katerangannana téh rupa-rupa, dumasar kana naon nu dirampana tadi. Aya nu nyebut siga tihang (sukuna), aya nuu nyebut siga oray (tulaléna), aya nu nyebut teuas (gadingna) jst. jst. Di dieu maksud nu nyieun dongéng téh nya éta nerangkeun, yén lamun nyaho sawaréh téh teu bisa disebut bener, da ari nyebut gajah mah kudu sagemblengna, ulah sawaréh-sawaréh.

 

Aya deui ‘dongéng jalma nu ngajual kuda’. Ditumpakan ku anakna dicawad. Ditumpakan ku bapana dicawad. Ditumpakan ku duaan dicawad. Teu ditumpakan dicawad. Tungtungna kuda hirup téh digotong. Dongéng ieu maksudna nerangkeun ka jalma anu teu boga pendirian sorangan. Kitu kieu téh kumaha ceuk batur baé, da sorangan teu nyaho kudu kumaha anu disebut bener. Tungtungna lampahna téh malah bener-bener jadi salah, ngagogotong kuda, padahal bisa sina leumpang sorangan éta kuda téh.

Dongéng pondok : ‘aya hiji raja kabeukina gedang atah’. Maksudna nyindiran ka anu hawek, kokoro, makmak-mekmek. Lamun raja kabeukina gedang atah, komo ka anu asak. Ari rahayat kabagéan naon, naha kudu ngadaharan daunna atawa tangkalna ?

 

Aya deui dongéng pondok : ‘Aya hiji raja, terus paéh. Lamun teu paéh mah panjang dongéngna’. Tah dongéng kitu mah ngan ngaheureuyan barudak nu didongéngan, da manéhna keur sangeuk ngadongéng ka barudak.

 

Jadi nu disebut dongéng téh rupa-rupa, ti anu enya nepi ka anu wadul. Pikeun anu teu engeuh mah teu bisa ngabédakeun dongéng anu enya jeung dongéng anu wadul. Padahal teu hésé-hésé teuing ngabédakeunnana téh. Lamun dongéng dumasar kana dogma, geus pasti wadulna. Kajeun diréka kumaha waé ogé, ari dasarna wadul mah tetep wadul. Ngan biasana ku hadéna réka, geus teu asa diwadulan, karasana téh kudu kitu waé. Silah. Naha urang rék milu nyaweuyan wadul atawa nembrakkeun nu enya. Nyaweuyan wadul téh sok dipacorokkeun jeung seni, atawa ngamangpaatkeun seni pikeun nyaweuyan wadul.

 

Ieu kabéh téh kaasup kana budaya. Lamun disebut budaya Sunda, kudu aya Sundana, atawa hal kasundaannana kudu kabawa. Saperti dina conto dongéng diluhur, kasundaan-nana jelas kabawa. Komo dina ngala tutut mah témbong pisan kasundaanna téh. Tapi teu kabéh dongéng anu merankeun Si Kabayan, ngadongéngkeun kasundaan atawa kaasup kana budaya Sunda.

 

Malah hal budaya Sunda ogé Sunda nu mana. Budaya Sunda bihari atawa Sunda wiwitan béda ti budaya Sunda kamari, béda deui ti budaya Sunda kiwari. Dina budaya Sunda bihari atawa budaya Sunda wiwitan mah Budaya Sunda téh bisa disebut budaya asli da can kapangaruhan ku budaya deungeun. Ari dina budaya Sunda kamari mah geus ganti ku pangaruh budaya deungeun, utamana anu patali jeung agama Islam. Budaya kiwari mah bisa disebut budaya campur-aduk, sabab campurannana teu maké aturan, lantaran dasarna teu ngarti. Lamun dasarna ngarti mah, nyieun campuran téh puguh tujuannana, puguh rék nyieun naon-naonna. Ari campuran samakbruk mah ngan ukur jadi runtah.

 

Kumaha budaya kahareupna. moal enya ari rék nyieunan runtah baé mah. Da ari runtah mah di mamana ogé piceuneun da euweuh araheunnana. Jadi ari barang jieun téh kudu nu aya gunana, kudu anggeus, ulah oméaneun atawa teu anggeus. Ulah atah, ulah tutung, tapi kudu asak. Dina barang jieun naon baé kudu rikrik jeung gemi, ulah hambur kana bahan jeung waktu. Ulah léléda tapi kudu kesit, jst. Ulah milampah nu diulahkeun, matak gaplah kana lampah, hasilna moal nyugemakeun, malah bisa-bisa matak ngarugikeun. Jadi naon gunana milampah ari ladangna ngan jadi rugi mah. Nu matak kudu milampah nu dikudukeun. Anu ngudukeun téh nya éta sarat jadi hasilna pagawén. Tah anu kitu anu disebut kudu netepan téh, sangkan hasilna luyu ka anu dipiharep. Jadi lampah téh teu tambuh laku, lantaran junun kana tujuan.

 

Lampah bener téh nya éta lampah teu salah. Budaya bener téh budaya anu teu salah. Lamun urang Sunda tukuh kana budaya Sunda pasti benerna. Lamun urang Sunda teu tukuh kana budaya Sunda pasti salahna. Budaya Sunda meunang ditambahan atawa disampurnakeun, tapi ulah diganti ku anu numpes budaya Sunda, numpes Sunda. Lamun dibandungan teu kurang nu ngaku urang Sunda, tapi lampahna numpes budaya Sunda. Hartina numpes Sunda. Bukti nyata, hal-hal anu nyangkut kana kasundaan geus loba anu ditaringgalkeun, dipariceun. Budaya deungeun dibebeskeun pikeun ngaganti budaya Sunda. Lamun nu boga lampah kitu deungeun-deungeun mah pantes da boga maksud nu disamunikeun. Tapi ari anu boga lampah ngaruksak kitu ku anu ngaku urang Sunda mah, naon pibasaeunnana ari lain disebut jalma édan mah, basa lemesna mah nu pinter kabalinger, atawa cul dogdog tinggal igel, tibalik buta ka sari jst. Batur mah jadi angkasawan ari urang mah jadi sawan angka. Batur mah jadi politikus, urang mah ngan jadi tikus. Budaya téh bisa ditilik tina peradaban, naha beuki beradab atawa beuki biadab.

* * *

Artikel terkait :

Ki Sunda di Tatar Sunda (Indonesia)

Menapaki Perjalanan Sunda

Kalender Sunda & Revisi Sejarah

Makanan Sunda

Susunan Warna Kasundaan

Amanat Galunggung Prabu Darmasiksa Leluhur Sunda

Pangeran Wangsakerta Sang Sejarawan

Dalam Kenangan, Abah Ali Sastramidjaja

Ras Nusantara

Ketika Jawa Bertemu Belanda

Prasasti Batu Tulis Bogor

Prasasti Ciarunteun Peninggalan Kerajaan Tarumanegara

Perbedaan Batu Tulis, Petilasan dan Makam

The Differences between Written-Stone, Petilasan Site & Tomb

Baduy-Sebuah Perjalanan Batin ke Suku Kuno tahun 1959

Kebon Raya Bogor

Sejarah Bangsa & Tanah Air Indonesia (Purbakala/The Last Continent)

Peninggalan Prasejarah Masa Perundagian

Prehistoric Remains from the Bronze-Iron Age

Prehistoric Sites Along the Banks of Ciliwung River

Peta Lokasi Situs Prasejarah di Daerah Aliran Sungai Ciliwung

Tokoh-Tokoh Galuh Menurut Wangsakerta

Galuh Berarti Putri Bangsawan atau Sejenis Batu Permata

Keberadaan Galuh Sepanjang Sejarahnya, Sang Manarah

Gurindam Dua Belas

Boats & Ships during Kingdoms Era in Nusantara Archipelago

Perahu-Perahu di Masa Kerajaan Nusantara

Asal-Usul Bahasa Nasional, Bahasa Indonesia

Musik – Ayun Ambing

Musik – Kacapi Suling

Kerajaan Salakanagara

Kerajaan Tarumanagara

Kerajaaan Indraprahasta

Kerajaan Kendan

Kerajaan Galuh

Kerajaan Sunda

Wangsa Sanjaya

Kerajaan Saunggalah

Kerajaan Sunda-Galuh

Kerajaan Kuningan

Kerajaan Cirebon

Perang (Pasundan) Bubat

Kerajaan Sumedang Larang

Kerajaan Pajajaran

Kerajaan Sunda Kelapa – Jayakarta – Batavia

Kerajaan Banten

Kerajaan Talaga

Tabel Pemimpin Kerajaan Sunda, Galuh

Yoga Class

Yoga & Book Discussion

Kelas Yoga & Singing Bowl (Genta Tibet)

Pengertian Yoga

Asanas Yoga, Jiwa Gembira Melalui Gerakan-Gerakan Tubuh

Asanas Yoga. Healthy & Happy of Body & Soul

Prenatal Yoga

Yoga Ibu Hamil

Meditasi

Rileksasi Dalam

Meditation

Orbs at Yoga Class

Surya Candra Bhuana

About these ads

4 responses to this post.

  1. Pretty cool post. I just stumbled upon your blog and wanted to say
    that I have really liked reading your blog posts. Anyway
    I’ll be subscribing to your blog and I hope you post again soon!

    Reply

    • thx to follow our site. Hope you get many information here. best is if you able Indonesian languange. If not, you can try to translate by any kind of translator.

      Reply

  2. Posted by LnddMiles on July 24, 2009 at 10:27 am

    Pretty cool post. I just stumbled upon your blog and wanted to say
    that I have really liked reading your blog posts. Anyway
    I’ll be subscribing to your blog and I hope you post again soon!

    Reply

  3. You made some good points there. I did a search on the topic and found most people will agree with your blog.

    vigrx

    Reply

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

Follow

Get every new post delivered to your Inbox.

Join 26 other followers

%d bloggers like this: